Club Atlético de Madrid atawa Atlético Madrid mangrupa kleub sépak bola asal Spanyol. Atlético Madrid ogé mangrupa kleub rival sakota jeung Real Madrid C.F.. Atlético Madrid meunang jujuluk Los Colchoneros. Atlético Madrid miboga kostum nu warnana beureum jeung bodas.
Atlético Madrid dibentuk ku tilu mahasiswa Basque dina taun 1903, anu mikahayang kleub ieu jadi cabang pamuda pikeun Athletic Bilbao. Atlético Madrid tuluy dipénta pikeun ngagabung jeung sapuluh tim perdana liga Spanyol dina taun 1928 sanggeus suksés meunangkeun runner-up di Copa del Rey dua usum saméméhna. Atlético Madrid meunangkeun gelar La Liga tutuluyan dina taun 1940 sarta 1941 dina apingan Ricardo Zamora.