Jénnifer Lopéz | |
---|---|
Jénnifer López (2019) | |
Gumelar | Jennifer Lynn Lopez 24 Juli 1969 The Bronx, New York, Amérika Sarikat. |
Padumukan | Los Angeles, Kalifornia, Amérika Sarikat |
Pagawéan |
|
Taun aktip | 1986–kiwari |
Pasangan |
|
Anak | 2 |
Kulawarga | Lynda Lopez (adi) |
Karir musik | |
Aliran | |
Lébel | |
Maén di | |
Situs web | |
jenniferlopez.com |
Jénnifer Lynn Lopéz (gumelar di Bronx, New York, Amérika Sarikat, 24 Juli 1969; umur 54 taun) nyaéta saurang panyanyi asal Amérika Sarikat. Jénnifer kawilang multitalénta, ku sabab lian ti dunya musik ogé Jénnifer aktif dina dunya akting, panulis, dancer, desainer, sarta produser. Bapana saurang spésialis komputer sedengkeun indungna saurang guru TK. Jénnifer digedékeun di New York, Amérika Sarikat. Jénnifer leuwih resep disebut urang Puerto Rico. Jénnifer asup kana jajaran 50 awéwé panggeulisna di dunya dina taun 1997 pilihan majalah People alatan rupana anu geulis.
Jénnifer mimiti midang minangka panari latar dina vidio klip Janet Jackson, That's The Way Love Goes. Dina umur 25 taun, Jénnifer mimiti turun serius ka dunya akting. Manéhna maén dina sawatara pilem, di antarana: Money Train, Jack jeung Mi Familia. Tapina pilem-pilem éta teu pati susksés. Nasibna ngaronjat nalika merankeun Séléna dina pilem nu judulna berjudul sarua dina taun 1996. ti dinya ngaranna ngalanglang, tuluy meunang tawaran pikeun ngabéntangan runtuyan pilem, siga Anaconda anu suksés ngaraih box office, jeung U-Turn. Ti harita Jénnifer tuluy midang dina sawatara pilem siga Out of Sight jeung The Wedding Planner.