A.S. Roma

Pamaén A.S. Roma

A.S. Roma nyaéta hiji kleub sépak bola ti Roma, Italia. A.S. Roma panungtungan meunangkeun liga Seri A dina usun 2000-2001 ku asuhan palatih Fabio Capello. Sanajan kitu, kleub ieu ngahasil nganjrek di runner-up Seri A teu kurang ti genep kali ti mimiti gagantian milénium. Lian ti kitu, A.S. Roma ogé ngahasil meunangkeun dua trofi Coppa Italia ku asuhan Luciano Spalletti. Panyetak gol panglobana sapanjang sajarah pikeun A.S. Roma nyaéta Francesco Totti. A.S. Roma miboga stadion markas Stadio Olimpico anu kurang leuwih bisa ngawadahan 72.698 urang panongton. Loba jujuluk anu nujul ka ieu kleub di antarana Giallorossi (Konéng jeung Beureum), La Maggica (The Magic One), i Lupi (Ajag). Warna kostum jadi ciri hasna mah nyaéta konéng jeung beureum.

Sajarah

A.S. Roma diadegkeun taun 1927 asalna mah tina paleburan tilu kleub dina raraga ngawangun hiji kleub anu bisa nyaingan kleub-kleub Italia kalér anu leuwih dominan. Sanggeus jadi runner-up dua kali dina taun 1930-an, AS Roma suksés ngarebut gelar Scudetto munggaran taun 1942. A.S. Roma pernah ngalaman dégradasi dina taun 1951, tapi bisa dipromosikan deui ka Serie A nalika aya dina asuhan manajer Giuseppe Viani.

Kajawaraan

Rujukan

  1. a b c d e f g h i j Amazine Klub Bola Italia: Profil, Trofi, Fakta & Sejarah AS Roma[tumbu nonaktif] Diaksés 16 Méi 2015
  2. a b c d Detik AS Roma – Profil Tim Archived 2015-09-10 di Wayback Machine Diaksés 16 Méi 2015