Bunraku

Gedung Pintonan Bunraku

Bunraku (文楽) nyaéta sandiwara boneka tradisional Jepang anu mangrupa salah sahiji jenis ningyo johruri (人形浄瑠璃). Bunraku mimiti diwanohkeun di Osaka dina taun 1684. Kasenian ieu sakapeung ogé disebut ningyou joururi. Ningyou nyaéta boneka, sedengkeun joururi nyaéta carita narasi anu dibawakeun ku cara dinyanyikeun sarta dipirig ku petikan shamisen. Kasenian ieu saméméhna disebut ayatsuri joururi shibai sandiwara joururi ayatsuri tuluy nu akhirna dingaranan bunraku di ahir jaman Meiji. Ngaran bunraku sorangan dicokot ti ngaran seniman Uemura Bunrakuken I, saurang seniman ningyou joururi anu asalna ti Osaka.

Sajarah

Kasenian ningyou joururi diciptakeun ti gabungan sandiwara boneka jeung musik shamisen di mimiti jaman Edo. Pintonan ieu awalna diciptakeun ku Takemoto Gidayu, saurang tayuu kalayan naskah nu dijieun ku Chikamatsu Monzaemon jeung Ki No Kaion. Ningyou joururi dina jaman harita mampuh ngéléhkeun kapopuleran kabuki, ku kituna pintonan kabuki akhirna loba maké naskah carita ningyou joururi. Tapi mimiti abad 19 kaayaan jadi tibalik, ku kituna pamingpin kasenian ningyou joururi anu ngaranna Uemura Bunrakuken I narékahan sangkan ngahirupkeun deui kasenian ieu ku cara ngadegkeun hiji gedong pintonan husus ningyou joururi di Kouzubashi sarta saterusna dipindahkeun ka Matsushima ku Uemura Bunrakuken III. Ngaran gedong pintonanna ogé dirobah jadi buranku-za (téater bunraku). Lokasi bunraku-za pernah kaduruk nalika perang dunya II. Ngaran bunraku-za digantian jadi Asahi-za, sarta posisi Shochiku salaku nu ngajaga kasenian bunraku digantikeun ku organisasi nirlaba Bunraku Kyoukai anu disponsoran ku Perfektur Osaka, dayeuh Osaka, Departemen Pendidikan Jepang sarta NHK. Sajaba ti éta, pikeun nungkulan masalah regenerasi di dunya bunraku dina taun 1973 dijieun hiji kawijakan yén masarakat awam ogé bisa diajar kasenian ieu.

Ningyou

Hulu bonéka anu dipaké dina bunraku aya sababaraha macem, nyaéta: lalaki atawa awéwé, kolot atawa ngora, sagala rupa sipat, pakasaban, jeung status sosial. Satengah hulu bonéka éta aya anu bisa ganti peran sacara fleksibel ngan ukur ku ngaganti wig anu dipakéna. Wig anu dijieun ti buuk manusa anu dicampur bulu sato éta ditémpélkeun ka bagian huluna maké lém anu dijieun ti cai jeung lilin sangkan henteu copot. Awak boneka ogé dibéré pakéan anu luyu jeung perana. Lamun baris mintonkeun peran wanoja bangsawan, mangka bonéka éta didangdanan maké kimono lengkep jeung jubon (baju jero), uchikake (mantel), haori (mantel luar), jeung obi. Jenis hulu bonéka anu dipaké dina bunraku:

Boneka Lalaki

a. Bunshichi: lalaki kasep tapi sangsara, lalakon utama dina carita.

b. Darasuke: hulu bonéka kalayan mimik ngécé pikeun peran jalma jahat.

c. Matahei: hulu bonéka kalayan mimik rahayat anu jujur.

Boneka Awéwé

a. Musume: hulu bonéka rumaja umur 14-15 taun.

b. Keisei: hulu bonéka pikeun peran wanoja panghibur.

c. Ofuku: hulu bonéka pikeun wanoja anu wajahna buleud kalayan peran komikal.




Rujukan

  1. Pengertian (Diakses tanggal 11 November 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y Bunraku (Diakses tanggal 11 november 2011)