Lolong

Gambaran anu lolong peureum matana

Lolong nyaéta kaayaan teu bisa nempo pisan lantaran dua matana peureum. Lolong bisa karandapan ti mimiti gumelar atawa ti kudrat anu teu bisa nempo, bisa ogé ku alatan indra panempo atawa mata ngarandapan karuksakan alatan ku panyakit, anu ngabalukarkeun mata henteu bisa nempo nanaon.

Dina sababaraha kaayaan, lolong bisa disababkeun tina kacilakaan, panyakit inféksi campak ogé bisa ngabalukarkeun ruksakna ulseraso kornéa mata. Di Afrika lolong anu karandapan ku barudak téh lantaran kaserang panyakit turunan ti kolotna kitu deui ka budak anu gumelar dina kaayaan albino okulokutaneus. Dina sababaraha kajadian, lolong ogé dibalukarkeun alatan kakurangan vitamin A, balukarna baris kakeunaan karatomalasia anu dibarengan ku molétékna kornéa mata. Tarakoma jeung inféksi ogé bisa dibalukarkeun ku kaeuntreupan laleur kana mata.

Lolong bisa dibalukarkeun tina katarak ilaharna keuna ka jalma anu geus kolot, ogé keuna ka ibu-ibu anu kakandungan, ieu ku lantaran henteu saimbangna hormon anu aya dina awak (glaukoma, retinopathy, diabetic, darah tinggi, jeung degenerasi makular). Numutkeun laporan WHO di Indonésia aya kana 20 juta urang ngarandapan lolong ku lantaran tina panyakit katarak.

Dicutat tina

  1. -, R.A. Danadibrata (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. ISBN 9793631937. 
  2. Rigg, Jonatha (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: Universitas Harvard. 
  3. -, Najichah (2012). Kakawin Sumanasantaka: Mati karena Bunga Sumanasa karya Mpu Monaguna Kajian sebuah Puisi Epik Jawa Kuno. Jakarta: PT Balai Pustaka (Persero). ISBN 9789794618615. 
  4. a b c d -, Najichah (2012). Pencegahan Kebutaan Pada Anak. Jakarta: EGC. ISBN 9789794483732. (id) Diakses ping 14 September 2017
  5. Sulaeman, Momon (2016). Saya Ingin Pintar Ilmu Pengetahuan Alam. Jakarta: PT Grafindo Media Pratama. ISBN 9789797585396. (id) Diakses ping 14 September 2017
  6. Cock Wirawan, dr. I Made (2016). @blogdokter. Jakarta: Noura Books. ISBN 9789794483732. (id) Diakses ping 14 September 2017
  7. MKes PKK, Ds dr Anies (2006). Elex Media Komputindo. Jakarta: Noura Books. ISBN 9789792093490. (id) Diakses ping 14 September 2017