Sampeu

Sampeu
Pedaran sampeu Koehlers Medizinischepflanzen
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Tribus:
Génus:
Spésiés:
M. esculenta
Ngaran binomial
Manihot esculenta
Crantz
Manihot esculenta

Sampeu atawa dangdeur (sok disebut ogé hui tangkal; basa Inggris: cassava) nyaéta tangkal ti kulawarga Euphorbiaceae. Beutina dipikawanoh minangka kadaharan poko anu mibanda karbohidrat sarta daunna minangka sayuran. Sampeu tumuwuh di daérah tropis jeung daérah subtropis.

Gambaran

Beuti sampeu siap dijual.

Sampeu mangrupa beuti atawa akar tangkal anu panjang jeung boga garis tengah rata-rata 2–3 cm sarta panjang 50–80 cm, gumantung kana jinis sampeu anu dipelak. Daging beutina boga kelir bodas atawa semu konéng. Beuti sampeu henteu bisa lila disimpen sanajan ditempatkeun dina lomari és. Gambaran karuksakan ditandaan ku kaluarna warna biru kolot alatan kawangunna asam sianida anu boga sipat racun pikeun manusa.

Beuti sampeu mangrupa sumber énergi anu beunghar ku karbohidrat tapi kacida kurang ngandung protéin. Sumber protéin anu alus malahan aya dina daun sampeu alatan ngandung asam amino métionin.

Sajarah sarta pangaruh ékonomi

Jinis sampeu Manihot esculenta mimiti dipikawanoh di Amérika Kidul, saterusna dibudidayakeun dina mangsa pra-sejarah di Brasil sarta Paraguay. Wangun-wangun modéren tina spésiés anu geus dibudidayakeun bisa kapanggih tumuwuh liar di Brasil kidul.

Produksi sampeu dunya dikira-kira ngahontal 184 juta ton dina taun 2002. lolobana produksi dihasilkeun di Afrika 99,1 juta ton sarta 33,2 juta ton di Amérika Latin sarta Kapuloan Karibia.

Sampeu dipelak sacara komérsial di wewengkon Indonésia (waktu éta Hindia Walanda) dina kira-kira taun 1810 Payer, M. HBI weltweit. 5.3. Zur Geschichte Indonesiens. Édisi 1997-03-18. Diaksés 18 Méi 2007, sanggeus saméméhna diwanohkeun ku urang Portugis dina abad ka-16 (beunang mawa ti Brasil).

Produksi

Beuti akar sampeu réa ngandung glukosa sarta bisa didahar atah-atah. Rasana rada amis, aya ogé anu pait gumantung kana kandungan racun glukosida anu bisa nyieun asam sianida. Beuti anu rasana amis ngahasilkeun paling saeutik 20 mg HCN pér kilogram beuti akar anu seger kénéh, sarta 50 kali leuwih réa dina beuti anu rasana pait. Dina jinis sampeu anu amis, prosés ngasakkeun pohara diperlukeun pikeun nurunkeun kadar racunna. Tina beuti ieu bisa ogé dijieun tipung aci.

Kaguna

Sampeu dikokolakeun ku sagala rupa cara, sampeu réa dipaké dina sagala rupa macem asakan. Dikulub pikeun ngagantikeun kentang, sarta palengkep asakan. Tipung sampeu bisa dipaké pikeun ngaganti tipung gandum, alus pikeun panyandang alergi.

Sampeu minangka kadaharan ingon-ingon

Sampeu ilahar dipaké minangka kadaharan pikeun ingon-ingon di nagara-nagara kawas di Amérika Latin, Karibia, Tiongkok, Nigéria sarta Éropa.

Tempo ogé

Rujukan

Bacaan Umum

  1. FAO, June 2003 cassava market assessment Archived 2007-11-24 di Wayback Machine, 2003
  2. Cereda, M.P. and Mattos, M.C.Y. (1996). "Linamarin - The Toxic Compound of Cassava". Journal of Venomous Animals and Toxins (online) 2 (1), 6-12; ISSN 0104-7930

Rujukan

Tumbu ka luar