Taksi

Taksi Blue Bird

Taksi nyaéta angkutan umum nu ngagunakeun mobil keur ngangkut panumpangna.

Sajarah Taksi

Mimitina bisnis taksi mekar tina bisnis jasa nyéwakeun karéta kuda nu ukuranna leutik, Hackney Carriage di Paris jeung London dina awal abad ka-17. Taksi modérn mimiti aya ditandaan ku kapanggihna alat ngukur argométer ku Wilhelm Bruhn taun 1891.Gottlieb Daimler dina taun 1897 dikenal minangka jalma nu mekarkeun taksi modérn ku nyieun argométer nu ngarana Daimler Victoria. Dina tanggal 16 Juni 1897, Daim Victoria dikirim ka Friedrich Greiner, pangusaha Stuttgart nu mimiti nyieun pausahaan taksi di dunya kandaraan maké tanaga batré. Pamakéan kandaraan nu maké tanaga bahan bakar minangka taksi aya dina taun 1899 di Paris, 1903 di London jeung 1907 di New York. Taxicab New York diimpor ku Harry N Allen ti Paris sarta manéhna téh jalma kahiji nu ngagunakeun warna konéng dina Taxicab New York ku tinimbangan warna éta nu pangbabarina dipikanyaho di jalan. Taksi terus mekar di abad 20 jeung kamekaranana nambahan dina taun 1940 ku digunakeunana radio komunikasi dua arah salaku instrumén panglengkep dina taksi. Kagunaan radio ieu mantuan pisan komunikasi operator jeung supir dina ngalayanan order palangganna. Dina taun 1980, asup téhnologi komputer nu digunakeun keur alat distribusi order. Ayeuna régulasi taksi nu eusina ngeunaan spésifikasi kandaraan nu bisa digunakeun sarta prosedur-prosedur dasar dina prosés layanan palanggan taksi jadi salah sahiji panitén penting keur pamaréntah dina widang transportasi. Taksi jadi ikon kamekaran kota bisnis jeung pariwisata di dunya.

Referensi

  1. Pengertian Taksi[tumbu nonaktif] diakses tanggal 09 November 2011
  2. a b c d e f g h i j k Sejarah Taksi diakses tanggal 09 November 2011