Tropis nyaéta daérah atawa wewengkon anu pernahna aya dipalebah/sabudeureun khatulistiwa disebut ogé garis isotherm cidekna bisa waé beulah kidul atawa kalér,daérah anu mibanda iklim tropis bisa waé dina palebah guratan 23,5 darajat lintang kidul jeung 23,5 darajat lintang kalér. Tropis asal kecap tina basa Yunani "tropicos" anu hartina garis balik, maksudna garis/gurat anu pernahna 23,27 darajat kidul jeung kalereun bumi.
Pedaran
Daérah-daérah anu pernahna aya dina wewengkon tropis bisa dibedakeun kana dua kaayaan; daérah tropis garing anu ngawengku bioma stepa,bioma savana, jeung gurun. Dérah tropis baseuh/lembab ngawengku daérah leuweung hujan tropis (bioma leuweung hujan), daérah anu mibanda usum-usum jemlék.
Ciri-ciri iklim tropis
Pernahna aya dina 23,5 darajat lintang kalér jeung 23,5 darajat lintang kidul
Hawana karasa panas nyongkab 20-30 darajat, ieu dilantarankeun ku cahaya panonpoé anu manceran lempeng aya di luhureunna
Hawana kawilang netep, henteu aya gunta ganti hawa anu leuwih ti misti (umpamana hawa tiis nepika bijil salju).
Langitna loba haseup ku lantaran tina uapcai anu kapanasan, utamana cai laut.
Usum hujan leuwih lila jeung dinamangsa hujan kawilang gedé (ngagebrét)
Daérahna kawilang subur, ku lantaran usum hujan leuwih lila
Leuweung di di wewengkon tropis mibanda ciri mandiri pangeusina leuwih kékép, dauna garomplok ku lantaran kitu leuweungna jadi leuwih poék. Sababaraha tangkal anu hirup di leuweung tropis: