Tutuwuhan Paku disebut ogé Pteridophyta. Tutuwuhan ieu miboga tingkat nu leuwih luhur ti batan lukut lantaran miboga akar, daun, jeung batang sajati.
Akar tutuwuhan paku ngabentuk serabut nu miboga kaliptra dina tungtungna. Jaringan akarna diwangun ku épidermis, kortéks, jeung silinder pusat.
Sarupa jeung akarna, struktur batang tutuwuhan paku diwangun ogé tina épidermis, korteks, jeung silinder pusat. Dina silinder pusat éta aya berkas pembuluh angkut, nyaéta silem jeung floem. Berkas pembuluh ieu boga peran dina prosés fotosintésis jeung nyebarkeun hasil fotosintesis ka sakabéh bagian tutuwuhan.
Struktur daun tutuwuhan paku diwangun ku jaringan épidermis, mésofil, jeung pembuluh angkut.
Sabab réproduksi séksualna teu maké siki, kelompok tutuwuhan paku maké spora pikeun réproduksi. Cara réproduksi na ieu leuwih nyarupaan lukut jeung fungi.
Habitat tutuwuhan paku nyaéta di tempat nu cukup lembab, matak teu anéh lamun biasana napel dina tutuwuhan lain, dina batu, dina wangunan jeung biasa kapanggih di walungan. Tutuwuhan paku bisa kapanggih tumuwuh hampir di sakabéh tempat di dunya, salian di daérah nu aya salju abadi jeung laut. Tutuwuhan paku loba hirup ogé di Indonésia, komo sabagian gedé anggota paku-pakuan tumuwuh di daérah tropika baseuh. Di alam dunya, dipikawanoh nepi ka 12.000 spésiés tutuwuhan paku jeung sakitar saparapatna bisa kapanggih di kawasan Melesia nu kaasup Indonésia.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |