Tutuwuhan Siki


Tutuwuhan siki atawa spermatophyta (Yunani, sperma=siki, phyton=tutuwuhan) nyaéta anggota plantae sajati nu ngahasilkeun siki piekun réproduksina (kormofita sikian) sedengkeun alat réproduksina katingali jelas antukna disebut salaku phanerogamae. Spermatophyta diwangun ku sagala tutuwuhan boga pembuluh nu réproduksi sacara generatif ku cara ngabentuk siki. Di jero siki(seed) aya calon individu anyar (émbrio sporofit atawa lembaga) sarta cadangan dahareun (endosperma) nu kabungkus ku lapisan panghalang.

Babagian Spermatophyta

Tutuwuhan siki biasana dikelompokeun jadi dua nyaéta gymnospermae atawa gymnosperma jeung angiospermae atawa angiosperma. Kecap angiospermae jeung gymnospermae miboga asal kecap tina basa Yunani, nyaéta angio nu hartina kapal atwa kotak; gymno hartina buligir; jeung sperma nu hartina binih, cai mani, atawa sél-sér réproduksi lalaki.

Referensi

  1. a b c (id)Tumbuhan berbiji Archived 2016-03-24 di Wayback Machine (diakses 23 Pebruari 2016)
  2. a b (en)Seed Plants (diakses 23 Pebruari 2016)

https://www.aanwijzing.com/2017/05/macam-macam-contoh-budidaya-tanaman-sayuran.html